SOAL UTS GANJIL BAHASA SUNDA KELAS 8 SMP
I.
PILIHAN
GANDA
Bacaan pikeun soal no 1--3
Sunda Tandang
Yasana:
Yayat Hendayana
Geura tabeuh
goong maneh jalu
Ngadu
handaru jeung sora goong nu lian
Malar batur
nyarahoeun
Hidep teh
geuning teu pireu
Lain mangsana
Urang
ngadedempes hees
Dina wanci kudu
nyaring
Lain wayah
urang leah
Balap
mandeurikeun maneh
Majar teh da
lain eleh
Tong katalikung ku tukang
Mangsa di
cancang ku tambang
Beunang
ngarara sorangan
Hese incah
hese lengkah
Di cangreud
ku sarwa ulah
Akon-akon
adi luhung
Geura tabeuh goong maneh, jalu
Geus mejehna
nepak dada
Baheula di
carek soteh
Keur jaman
silih eledan
Ayeuna
mangsana tandang
Nu cicing
wayahna nyisi
PUAH!
Geura teuneung geura ludeung
Geura nyora
sing pertentang
Anjeun mah
lain bagejid , jalu
Tapi
jangkrik siap tarung,
PRUNG!
1.
Dina sajak
di gigir aya kecap “perténtang” anu ngandung harti....
a.
Tarik jeung jelas c. tong soraan
b. kudu laun d. asal waé
2.
“Lain
mangsana urang ngadedempés héés”
Ungkara di gigir nuduhkeun yén...
a. waktuna urang saré
b. loba jalma anu keur héés
c.
waktuna urang tampil jeung mintonkeun kabisa
d. geus sakuduna urang ngéléhan, keun wé batur anu maju
mah
3.
Kacindekkan
tina eusi sajak di gigir, nya éta urang
sunda...
a. mah éléhan
b. teu kudu bisa nanaon
c. kudu ngomong sakarepna
d.
kudu sagala bisa jeung gedé kawani
4.
Sarupaning
lagu nu rumpakana teu kauger ku gurulagu jeung guru wilangan biasa mibanda
wirahma nu angger/tangtu, nya éta....
a.
Pupuh
c. Sawér
b. Tembang d. Kawih
5.
Debat téh dina seuhseuhanana
silihasongkeun pamadegan pikeun neangan bebeneran. Tah porum debat dina basa
Sunda sok di sebut...
a. gempungan c. ngobrol
b.
gotrasawala
d. adu renyom
6.
Jumlah
engang dina sapadalisan disebut....
a.
Juru
lagu c.
Juru Kawih
b.
Gurulagu
d. Guru wilangan
7.
Sedengkeun
sora Vokal dina tungtung padallisan disebut...
a.
Juru
lagu c. Gurulagu
b.
Juru Kawih d.
Guruwilangan
8.
Anu
ka asup pupuh sekar ageng, nya eta iwal…
a.
Kinanti c.
Asmarandana
b.
Sinom d. Magatru
9.
Peserta
dina diskusi disebut.....
a.
pamilon c.
penata acara
b.
moderator d.
MC
10.
Dihandap
ieu nu bisa dijadikeun laporan lalampahan, iwal
ti lalampahan...
a.
Ngalalana c. wisata/hiburan
b.
Kadinesan d. riwayat
panyakit
11.
Sing getol ngiinum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol neangan elmu
Nu guna dunya aherat
Sisindiran
di luhur di wangun padana..
a. 4 b.
2 c.8 d.
6
12.
Jajaran
kahiji jeung ka dua di sebut ….
a.
cangkang
c. eusi
b.
sindir
d. Wangsal
13.
Jajaran
katilu jeung ka opat di sebut……
a.
eusi c. sindir
b.
cangkal d.
Wangsal
14.
Upama
ditilik tina eusina sisindiran di luhur teh nyaeta
a.
heureuy c.
cinta
b.
papatah d.
gumbira
15.
Sarupaning
lagu nu rumpakana kauger ku gurulagu
jeung guru wilungan biasa mibanda wirahma nu teu angger/tangtu, nya éta....
a. Pupuh c.
Sawér
b. Tembang d. Kawih
16. Dina kawih aya istilah rumpaka, anu hartina..
a. kecap-kecap
pinilih anu dipaké dina tembang atawa kawih
b.
nyanyi
lagu-lagu kawih ku cara babarengan
c.
nyusun
rumpaka maké patokan pupuh
d.
nyanyi
lagu-lagu kawih ku saurang
17.
“Salajengna
ku sim kuring badé diwatesan,
mung kanggo genep urangeun. Tina nu genep urang téa, urang bagi dua, janten
tiluan-tiluan. Saha-saha nu kagiliran sauran, engkéna paling lami lima menit”.
Kekecap di
luhur téh kaasup dina conto diskusi....
a. muka
diskusi b. ngahaturan pangjejer
c.nutup
diskusi d. ngatur jalanna diskusi
18.
Ka kulah nuiar kapiting
Ngocok endog bobodasna
Ulah
sok liar ti peuting
Osok
loba gogodana
Mun ditilik
tina eusina, sisindiran di luhur ngébréhkeun...
a.
silih asih c. piwuruk
b.
sesebred d. banyol
19.
Karangan
anu di tulis dina wangun pupuh disebut....
a.
wacana b. wawacan
b.
wawaran
d. carpon
Soal
pikeun nomer 20 – 23
Pupuh......
Hé barudak kudu
mikir ti leuleutik
Manéh kahutangan
Ku kolot ti
barang lahir
Nepika
ayeuna pisan
20. Jumlah guru wilangan dipadalisan
kadua, nya éta....
a.
5 b.
6 c. 7 d. 8
21. Guru lagu padalisan kadua jeung
katilu nya éta...
a.
i
& a b. i & i c. a
& i d.
a & a
22. Ditilik tina aturan guru lagu
jeung guru wilanganana, pupuh diluhur téh nya éta pupuh....
a. maskumambang c.
pucung
b. magatru d.
sinom
23. Dina sawér aya barang-barang anu
sok diawurkeun ku juru sawér, diantarana...
a. Béas,
konéng, peremén, duit
b.
Béas,
payung, konéng, duit
c.
Menyan,
konéng, kembang,duit
d.
Béas,
seureuh, peremén, kembang
24. Saruana atawa padeukeutna
sora-sora di unggal padalisan sajak atawa kawih disebut...
a.
purwakanti c. susasana
b.
purwadaksi d. nada lagu
25. Barang
penting keur di dapur
Di dapur keur nyieun opor
(...)
Eusi
/ wangsal anu merenah pikeun ngajawab wawangsalan di luhur nyaéta..
a.
Péso
c. boboko
b.
kompor d.
talenan
26. Pancén moderator dina sawal
nyaéta...
a.
nyatet
ngaran-ngaran anu méré tanggapan keur lumangsungna sawala
b.
méré
saran kana lumangsungna sawala ti mimiti nepi ka réngsé
c.
nuliskeun
hal-hal penting dina sawala ti mimiti nepi ka réngsé
d. ngatur
lumangsungna sawala ti mimiti nepi ka réngsé
Wacana
pikeun soal nomer 27-30
WAWACAN LUTUNG KASARUNG
Ayeuna
anu kacatur, aya nagara anu mukti, nyaéta pasir batang téa, kamashur
kamana-mendi, rajana geus palay tapa, milari saha keur ganti.
Putrana
téh aya tujuh, sadaya istri geulis, anu cikala Purbalarang, Kancana jeung
Purbamanik, Déwata jeung Purba Ѐndah, Purbaleuwih, Purbasari.
Ti
antara putri tujuh, Purbasari nu kapilih, saé kalakuanana, lemes basa luhur
budi, atuh rakana nu cikal, Purbalarang bendu galih.
Anu
sanés ogé kitu, mikangéwa Purbasari, kajaba aya saurang, nyaéta Purbaleuwih, ka
Purbasari mihéman, tara ngiring nganyenyeri.
27. Tina sempalan wawacan di luhur,
bisa katitén, yén Purbasari téh...
a.
adigung c.
lemes basa
b.
kasar
basa d. goreng budi
28. Latar tempat anu aya dina cutatan
wawacan “Lutung Kasrung” nyaéta...
a.
yeuna
c. alam dunya
b.
pasir batang d.
tempat tapa
29. Katerangan anu luyu /sesuai jeung
sempalan wawacan diluhur nyaéta iwal...
a. kabeh
putri mikahéman Purbasari
b.
Purbaleuwih
nyaah ka Purbasari
c.
Pasir
batang nagara mukti
d.
Purbalarang
putri anu cikal
30. “Sim kuring kirang panuju kana
pendapat saderak!” kecap serepan dina kalimah diluhur aya dina kecap...
a.
pendapat c.
simkuring
b.
kirang d. saderék
II. URAIAN
Jawab
pananya jeun panitah di handap kalayan singget tur jelas!
1.
Sebutkeun
Pupuh anu ka asup sekar ageung !
2.
Rengsékeun
paparikan dihandap ieu !
Cau
naon cau naon
Cau
kulutuk nu di juru
...................................
3.
Jelaskeun
naon nu disebut Wawacan téh ?
4.
Kawih
nyaéta bagian tina kaseinan Sunda anu diwangun ku dua unsur, nyaéta....
5.
Sebutkeun
tilu contoh kawih anu dinyahokeun ku hidep !
KUNCI JAWABAN SOAL
ULANGAN TENGAH SEMESTER
MATA
PELAJARAN BAHASA SUNDA
KELAS VIII
TAHUN
PELAJARAN 2015-2016
I.
PILIHAN
GANDA
1. A 11.A 21.C
2. C 12.A 22.A
3. D 13.A 23.A
4. D 14.B 24.A
5. B 15.B 25.B
6. D 16.A 26.D
7. C 17.D 27.C
8. D 18.C 28.B
9. A 19.B 29.A
10. D 20.B 30.A
II.
ESSAY
1. Pupuh
nu kaasup sekar ageung nyaéta : Pupuh
Kinanti, Pupuh Sinom, Pupuh Asmarandana, Pupuh Dangdanggula.
2.
Bau naon bau naon
Bau hitut nu di juru
3. nyaéta
jenis karya sastra (boh fiksi atawa non-fiksi) atawa dongéng
Sunda
nu wangunna nuturkeun pola atawa aturan pupuh.
4. Unsur
seni musik jeung unsur seni satra
5. Kawih
Karatagan Sunda, Bandung, Kembang asih.
( gumantung jawaban siswa)
Komentar
Posting Komentar