SOAL UTS GANJIL KELAS 7 BAHASA SUNDA
ULANGAN TENGAH SEMESTER
BASA SUNDA KELAS VII
I. PILIHAN GANDA
Wacana Pikeun soal nomer 1-5
Hayam Kongkorongok Subuh
Kacaritakeun
jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan.
Unggal isuk eta oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa
ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dewa.
Sanggeus
mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk
ka sakadang jago haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi.
Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah
nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak
sakadang naga.
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago “engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.”
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago “engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.”
Geus
kitumah jung weh naga jenug titinggi the arindit. Isukna samemeh balebat hayam
jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus
jago teh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu dating
keneh bae. Nepi ka brayna berang titinggi teu datang-datang.
“Keun
sugan cenah peuting engke” pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh
titinggi teu dating keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun
titinggi dating arek di pacok nepikeun ka paehna.
Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.
Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.
1. Palaku utama dina éta dongéng....
a. Oray naga c. Titinggi
b. Dewa
d. Hayam
2. Carita dongéng diluhur ka asup kana golongan
dongéng.......
a.Sasakala b. Babad
c. Fabél d. Mite
3. Basa sunda anu digunakeun dina dongéng diluhur
nyaéta...
a. Basa
lemes c. Basa loma
b. Basa kasar d. Basa Sopan
4.
Watek oray
naga téh....
a. bageur
b. Jahat c. Pelit
d. Sopan
5.
Judul
dongéng diluhur nyaéta.....
a. Hayam kongkorongok subuh
b. Kisah
hayam jeung baturna
c. Carita
oray naga
d. Oray naga
jeung hayam
6.
Anu kaasup
carita sasakala ,dihandap ieu iwal……
a. Situ
bagendit b. Talaga warna
c. Maung
panjalu d. Sakadang
peucang
7.
Omongan dua
jalma atawa lewih bari silih tempal nyaéta...........
a. Paguneman b. Caritaaan
c.
ngabandungan d. Ngajenan
Paguneman Pikeun soal nomer 8-9
Dimas : “Sampurasun !”
Leo : “.....”
Dimas : “Rék kamana euy, meni rurusuhan kitu?”
Leo : “Ieu Dim, rék euli uyah di titah ku Ema.”
Dimas : “Ari sugan téh rék ka mana.”
Leo : “Yu dim ah, Bisi Ema nungguan euy.”
Dimas : “....”
8.
paguneman
di luhur teh ngagunakeun basa …….
a.Kasar b. Hormat c. Lemes
d.Loma
9.
Kecap
atawa kalimah anu pantes pikeun ngalengkepan paguneman di luhur, nyaéta...
a.
Euy, Ka mana b. Mangga, Rampés
c. Rampés, Enya atuh d.
Rampéa, Ka mana
10. Kalimah ieu di handap tatakrama
basa nu merenah nyaeta …
a.Abdi
mah parantos tuang
b.
Pa Angga wangsul ti payun
c.
Terang henteu kamari aya supa
d. Pa Usman nembe sumping
ti Jakarta
11. Pungsi bewara atawa wawaran teh
diantarana pikeun …
a.Nepikeun
niat hade kalayan sopan
b. nepikeun informasi ka balarea
c.
nepikeun kahayang ka batur
d.
mangaruhan babaturan deukeut
12. Jumlah aksara vokal dina basa
sunda aya ….
a. 5 b. 4 c.7 d. 8
13. Istilah dina basa Indonesia nu
mibanda harti sarua jeung kecap wawaran teh nyaeta ….
a.
Berita b. presenter
c. Pengumuman d.
Reporter
14. Naek turunna lagu atawa wirahma
nyarita waktu nepikeun wawaran disebut
…
a.Lentong b. volume c. lafal d. Rengkak
15. Ieu dihandap conto kalimah anu
ngagunakeun gaya basa mijalma, nyaéta...
a. pa,
punten abdi bade ka pengker
b. béntang ting kariceup di
langit
c. pun
biang parantos ngantunkeun
d.langlayangan
téh ngapung ka luhur
16. Conto-conto kecap sifat aya dina
bagian....
a.
pinter, buku, maca c. kotor, soméah, cageur
b.
geulis, galak, motor d. guru,
dokter, ustad
17. Ieu di handap conto kecap anu
patali jeung sora sasatoan, nyaéta...
a.
cula, tanduk c.ngagaur,kongkorongok
b.
jajangkar, pelung c.
ngagerem, pamatil
18. Ieu di handap mangrupa aksara
vokal dina basa sunda, nyaéta...
a. a,i,u, é,o,e,eu b. a, i,u, é,o,e,ue
c.
a,i,u, é,oe,e,eu d. a,i,u, é,o,eo,eu
19. Nyieun karangan pangalaman mah
teu bisa diwangwang atawa papapantes, tapi kudu dumasar …….
a.
data ti babaturan atawa ti kolot anu loba pangalaman
b. data anu nyata, anu kungsi
katempo atawa kaalaman
c.
kanyataan di lapangan atawa anu karasa ku urang
d.
naon wae anu dipikaresep ku urang atawa
ku batur
20.
Ieu di
handap conto kecap anu geus dirarangkénan
tengah -in- nyaéta....
a. pinter c. bintang
b.
sinatria d.pamingpin
21.
“Buku anu beureum éta sarua siga
anu abdi”
Dina kalimah
diluhur anu kaasup kecap pangantet
kecap………….
a. buku b.
sarua c. siga d.
anu
Wacana Pikeun soal nomer 22-23
Basa poe mingggu ,kuring ulin kakebon binatang,inditna
sakulawarga ,da adi-adi kuring oge harayangen milu. barungaheun pisan katenjona
adi-adi teh, mamah sasadiaan timbel dipurakna engke lamun geus cape
kukurilingan nempoan sasatoan. Daharna cenah sok ngariung handapeun tangkal
kai.Kuring atoh we nu aya nya bias ulin,nya bakal dahar rewog.Wah kacipta
resepna!
22.
Saha nu
nyaritakeun pangalaman diluhur…………
a. Mamah b. Pangarang
c. Kuring d.
Adi-adi
23.
Tempat
Kajadian pangalamanana nyaéta di.....
a. Kebon
binatang b. Imah
c. Sakola d. Kantin
Wacana Pikeun soal nomer 24-25
Assalamu’alaikum
Wr. Wb.
Dina raraga
ngalaksanakeun pangeling ngeling Maulid Nabi Muhammad SAW. Warga RT. 03 RW. 05
Cijalim Pasapen Kuningan bade ngayakeun sepitan masal gratis. Anu waktosna
dinten Rebo kaping 2 mei 2012 ngawitan ti tabuh 10.00 enjing dugi ka lekasan.
Tempatna di Tajug Baiturahman. Kumargi kitu Bapa/ Ibu/ Saderek diantos
kasumpinganana.
Sakitu wawaran ti sim kuring, hatur nuhun kana sagala
perhatosanana!
Hatur
nuhun Wassalamu’alaikum Wr. Wb.
Kuningan,
20 Januari 2012
Ketua
RT 02 Komplek Kabumen
24.
Jejer/Tema
dina wawaran diluhur, nyaéta...
a. Miéling Maulid Nabi Muhammad SAW
b. Sepitan
massal gratis
c. Kasumpingannana
d. Acara
ketua RT
25.
Nu ngadamel
wawaran dilur téh nyaéta..
a. Ketua RT 02 c. Sekertaris
b. Bapa/ Ibu
saderek d. anu disepitan
26. Mana nu kaasup kana rajékan
dwimurni ?
a.
rurat-rérét c. tulas-tulis
b. gegebug d. mobil-mobil
27. Mana nu kaasup kecap rajékan
dwipurwa ?
a.
Buku-buku c. kokolot
b.
rurat-rérét d. tulas-tulis
28. Mana nu teu kaasup kecap rajékan
trilingga ?
a.
war
wér wor c. tak ték tok
b. luak-lieuk d.
brang bréng brong
29. Serat nulis béwara
nyaéta iwal.....
a.
basa nu merenah tur pikahartieun
b.
basana jelas, sopan, singget
c. nepikeun béwara tong
disaluyukeun
d.
ka saha ditujukeunana kudu jentré
30. Ciri wacana paguneman nyaéta iwal...
a.
Ngagunakeun pola kalimah langsung
b.
ngagunakeun tanda baca kekenteng (“...”)
c.
Ngagunakeun tanda baca titik dua ( : )
d. ngagunakeun pola kalimah teu langsung
II. Jawab kalayan singget tur jentre !
1.
Naon
anu disebut paguneman téh
?
2.
Jelaskeun
hartina dongéng !
3.
Sebutkeun
4 unsur dongéng !
4.
Jieun
kalimah nu ngagunakeun kecap rundayan di handap !
a. barangbawa b. paraguru c. silih tulungan
5.
Tuliskeun
pangalaman hidep disakola nu teu bisa dipohokeun, minimal 2 (dua) paragraf !
Jawaban
Soal
I.
Pilihan Ganda
1. D 11.B 21.C
2. A 12.C 22.C
3. B 13.C 23.A
4. B 14.A .A
5. A 15.B 25.A
6. D 16.C 26.D
7. A 17.C 27.C
8. D 18.A 28.B
9. C 19.B 29.C
10. D 20.B 30.D
II.
ESSAY
1. Paguneman nyaéta Omongan antara
dua urang atawa leuwih anu silih tempal
2. Dongéng nyaeta carita rekaan anu
méré kesan pamohalan.
3. 4 unsur dongéng : Tema, Palaku,
Galur, Latar.
4. Gumatung jawaban siswa
5. Gumatung jawaban siswa
Komentar
Posting Komentar